Gunung Tampomas yang merupakan gunung berapi andesit yang berada di wilayah sumedang yang masuk area yang di kunjungi dalam perjalan Ekspedisi Susur Sesar Baribis yang dilakukan oleh Yayasan Skala Indonesia pada 13-21 Mei 2024, tim bertemu dengan Ibu Heni yang menulis dongeng Legenda Desa Citimun, Sumedang.
Bu Heni adalah seorang guru bahasa Sunda di SMP Cimalaka. Karyanya yang berbahasa Sunda tersebut mengisahkan legenda tentang letusan Gunung Tampomas dan asal-usul nama Desa Citimbun, yang kini dikenal sebagai Citimun. Citimbun disini dikaitkan dengan tertimbunnya desa ini saat meletusnya Gunung Tampomas.
Meskipun cerita ini hanya sebuah legenda, namun memiliki nilai penting dalam merawat memori kebencanaan dan melestarikan budaya lokal.
Gunung Tampomas: Merawat Memori Lewat Dongeng
Melalui dongeng ini, Bu Heni berhasil menyampaikan pesan yang mendalam mengenai pentingnya menghormati dan menjaga alam sekitar.
Dalam cerita tersebut, diceritakan bagaimana kehidupan masyarakat di sekitar Gunung Gede atau gunung tampomas yang tentram dan sejahtera di bawah kepemimpinan bijaksana Kanjeng Pangeran. Masyarakat diajarkan untuk tidak merusak alam, tidak menebang hutan sembarangan, dan tidak mengganggu satwa liar.
Namun, ketenangan tersebut terganggu oleh letusan dahsyat Gunung Gede atau gunung tampomas, yang mengubah wajah desa dan kehidupan masyarakatnya. Dengan bantuan Eyang Timur dan kesaktian Kanjeng Pangeran, mereka berhasil bertahan dan memulihkan keadaan. Desa yang tertimbun debu dan batu dari letusan gunung kemudian dikenal sebagai Citimbun.

Dongeng ini tidak hanya menjadi sarana untuk mengajarkan nilai-nilai kearifan lokal, tetapi juga menjadi alat untuk mengingatkan generasi muda akan pentingnya kesiapsiagaan menghadapi bencana alam. Dongeng seperti ini membantu merawat memori kolektif masyarakat tentang peristiwa-peristiwa penting di masa lalu, sekaligus memperkuat identitas budaya mereka.
Baca juga: Desa Citimun yang Dulu Bernama Tjitimbun
Berikut cerita dongen yang di temukan tim Ekspedisi Baribis yang berkunjung ke Desa Citimun, Sumedang, Jawa Barat.
“Jaman baheula, nalika Kanjeng Pangeran jumeneng Raja di Karajaan Sumedang Larang. kaayaan alam di kalereun dayeuh karajaan, perenahna wewengkon Cimalaka ayeuna kacida endahna, Ti kajauhan oge atra katinggali ngajungkiring aya igunung jangkung tur gede, anu pada nyebut Gunung Gode.
Eta penempatan subur tur mamur kubon-kebon ngemploh hejo ku kakayon, sawah sawah lalendoh, tegal pangangonan upluk aplak mangratus rebu tumbak, pasir pasir ngajegir rambet ku akar jeung areay. Rungkun awi pating runggunuk paselang jeung tangkal kai anu ngarangkadak baradag. Sirah curcor patiing golontor, herang ngagenyas matak wass, ngamalir palid ka hilir.ngahirup huripkeun sakabeh rahayat nu kumelip di lembur lembur.katut padusunan sabudeureun Gunung Gede.
Kuloneun suku gunung, aya plemburan nu leuwih lega. Dimimitian Ti mumunggang sisi lamping nu ngababatang manjang. Paselang ancal-ancalan, cenah mah mun urang geus datang ka lembur eta, satutasna mulang sok kapentang runeung ngalangkang kabayang bayang.
Terus nutug mudun kalengku nu legok. Nyambung ka lebah kidul hunyur hunyur linglung minggu lembur pamatuhan Eyang Timur, Eyang Timur teh sesepuh nu dianggap sakti mandraguna ku rahayatna dina ngajaga jeung ngariksa rahayat katut lemburma. Nurutkeun carita ka eta lembur kungsi aya pasukan bangsa penjajah nu niat rek ngaranjah, kauninga ku Eyang Timur, teu kungsi nepi lantaran jalan liliwatanna oge, ujung-ujung urug, nyeblok jero ngagejlok kui kesaktian Eyang Timur dina ngajaga lembur harta, Di eta pilemburan najan taya palataran nurata, estu matak pikabetaheun, pikaresepeun. Lahan-lahan mayakpak aya di handap,dikuriling ku balungbang nu ngabalungbung paranjang
Tiis tingtrim kahirupan rahayat jaman harita, binarung jeung adil wijaksanana Kangjeng Pangeran, Raja di Karajaan Sumedang Larang anu mingpin karajaan mangsa harita. Kangjeng Pangeran teu weleh ngariksa jeung ngajarkeun rahayatna sangkan ulah ngaruksak lahan teu meunang ngabukbak leuweung sarta narah ngarogahala margasatwa nu hirup sabudeureun Gunung Gede kaasup di lemburna Eyang Timur anu kacatur.
Hiji mangsa duka kumaha mimitina, katengtreman di sabudeureun Gunung Gede kagareuwahkeun ku sora anu ngaguruh pating jelegur ti jero eta gunung. Puncak Gunung Gede ngaluarkeun haseup mulek ngebul mubul kaluhur, disusul ku lebu jeung batu pating guruntul, keusik nu ruhay haliber mancawura ka mana mendi, ngarerab sagala rupa nu aya.
“Gunung Gede bitu Gunung Gede bitu…….” Rahayat pilemburan pating gorowok, terus arindit nyalametkeun dri, seja nyingkahan bahela nu tumiba kacida rongkahna.
Beuki lila beuki parna, sakuriling bungking tutung gareheng taya nu ngari. Teu eureun-eureun lebu jeung keusik nuhurung muruluk awur-awuran, lir hujan silantang nu dipontengkeun ti awang-awang. Antukna lebu jeung keusik ngahunyud, ngarimbunan pilemburan sakitu legana.
Liwat sababaraha poe lumangsungna eta kajadian, ku kersana Nu Murbawisesa, dadakis sakala sora nu pating jelegur, batu, lebu jeung keusik ti Gunung Gede rerep lir disirep. Aneh bin ajaib satutasna diungkulan Ku Kangjang Pangeran, kawah Gunung Gede anu ngagolak taya reureuhna, tiis kapepes teu empes-empes, ditumbal ku keris pusaka raja anu dijieunna tina emas. Tahti harita Gunung Gede katelahna Gunung Tampomas, gunung anu narima keris pusaka tina emas.
Sanggeus kaayaan pulih deui sabihara-sabihari, kocap carita di lembur Eyang Timur geus salin jinis, Leungit ciri ilang dangiang tapakna. Ukur gundukan lebu jeung batu anu ngahunyud, keusik.ngampar ngarimbunan pilemburan. Eyang Timur jeung sakabeh rahayat nu arindit nyalametkeun diri geus marulang deui. Tatahar babaladah rek bebetah, hirup kumbuh di lembur pamatuhan nu geus kaurugan karimbunan. Nu matak ti saprak harita eta lembur dingaranan Citimbun, hartina lembur anu karimbunan. Citimbun oge ahirna ku kalangenan sesebutan kecapna robah sora jadi Citimun.
Sirah cai sisi lembur lebah kidul teu katut karimbunan batu, keusik jeung lebu, ku Eyang Timur diludang dikali deui. Caina bijil tina liang disada ngaberekbek, antukna katulah ku sora cai anu kekerebekan, nepi ka kiwari ngarana oge langgeng Sirah Cai Cikerobek.
Ari lembur di mumunggang nu manjang sisi lamping tonggoheun Citimun tea jadi katelah Lembur Bangbayang, paribasal lembur panineungan nu sok kabayang-bayang. Dalah Bangbayang najan lembur sisi gunung, rahayatna motekar ngarulik seni, jembar nalar ku pangabisa, tumuwuh hirup kumbuh nepi ka ngajenggelek rancage ngareka budaya, nya eta Seni Bangreng Bangbayang, Seni Tradisi Asli Sumedang, nu baheulana kawengku ku Desa Citimun.“
Penulis Artikel: Kori Saefatun
Editor: Nugrah